simak yukkk... berikut rangkay karangan nya loh..
NULIS ESEY
RANGKAY KARANGAN:
·
Ngajelaskeun
ngenaan kamerkaan
·
Sabab
kameurkaan
·
Akibat
kameurkaan
·
Numutkeun
ajaran islam
·
Cara
ngahindar tina kameurkaan
Rangkay
karangan :
Kameurkaan
Kameurkaan nyaeta salah sahiji panyakit anu
patalian sareung hawa nafsu anu ageung. Kameurkaan nyaeta kaayaan dimana rasa
wareug anu leuleuwiheun ku kaeumaman dibareungan ku hawa nafsu. Unggal jalmi
oge pasti peurnah kameurkaan kusabab jalmi ngaageungkeun hawa nafsu.
Kameurkaan moal mungkin langsung
kaalaman lamun teu aya sababna. Sabab anu utama mah nyaeta hawa nafsu tea.
Nafsu eta tiasa aya kusabab urang ningali kaeumaman anu raos,atawa jarang di
emam da kusabab mahal jadi rasana hoyong seueur ngaemamna. Kameurkaan oge
disebabkeun urang ku haweuk teuing.
Rata – rata jalmi teu sadar
kameurkaan teh tiasa ngayakeun panyakit. Teu sae kanggo kasehatan jasmani
sareung rohani jalmi. Kameurkaan teh kusabab emam seueur teuing. Jalmi anu emam
na seueur pasti na keuna panyakit. Panyakit eta nyaeta jantung,darah tinggi,obesitas.
Jalmi oge rata-rata teu terang panyakit-panyakit eta.
Ajaran islam oge ngajelaskeun tina
hadist atawa dalil dina al-qur’an ngenaan kameurkaan. Padahal Islam ngalarang
emam seueur oge seueur mangpaatna. Nabi Muhammad SAW pernah ngajelaskeun anu
inti pangjelasan na nyaeta “ TUANG SACEKAPNA,LIREN SATEUACAN WAREG.”
Kameurkaan oge sabenerna tiasa urang
hindari. Cara ngahindaranna tiasa ku emam sacekapna, tong gapang napsu mun
ningali kaemaman sareng anu pentingna maca du’a sateuacan emam.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar